| bible.lagu-gereja.com |
| << | 1 Korinta 10 | >> |
| 1 Korinta 10 | 1 Corinthians 10 |
| 10:1 Inget dulur-dulur, kajadian anu keuna ka karuhun urang waktu maranehna nuturkeun Musa. Maranehna dijaga ku mega, salamet meuntasan Laut Beureum. 10:2 Pikeun jadi umat asuheun Musa maranehna dibaptis di jero mega jeung di jero laut. 10:3 Dalaharna kabeh sarua, roti rohani, 10:4 ngarinumna kabeh sarua, inuman rohani anu bijil tina batu karang rohani, anu ngabarengan maranehna sapanjang jalan. Eta batu karang rohani teh Kristus ku anjeun. 10:5 Tapi sanajan kitu, kalolobaanana mah maranehna teh ngalantarankeun Allah teu senang manah-Na. Balukarna maranehna tinggolepak maraot, mayit-mayitna balatak bacacar di gurun keusik. 10:6 Eta kabeh jieun pieunteungeun, ulah mikahayang hal-hal anu matak doraka cara maranehanana, 10:7 ulah nyarembah brahala kawas sabagian maranehanana. Kitab Suci nyebutkeun, "Eta jelema-jelema dariuk dahar nginum, tuluy marotah marabok inuman jeung igel-igelan." 10:8 Ulah nyieun kalakuan aeb kawas sabagian maranehanana, balukarna dua puluh tilu rebu urang ti maranehanana maraot di jero sapoe. 10:9 Urang ulah ngadoja ka Pangeran kawas sabagian maranehanana, balukarna maranehanana maraot dipacok oray. 10:10 Urang ulah gegelendeng ka Pangeran kawas sabagian maranehanana, balukarna maranehanana dibasmi ku Malaikat Maot. 10:11 Eta kajadian-kajadian anu keuna ka maranehanana teh pikeun conto ka nu sejen, mepelingan ka urang anu hirup dina jaman ahir. 10:12 Ulah rasa maneh geus nangtung ajeg. Anu boga rasa kitu kudu ati-ati bisi tigubrag. 10:13 Unggal cocoba anu kasorang ku aranjeun kabeh oge jamak kaalaman ku sarerea. Tapi Allah anu tigin kana jangji-Na, moal ngantep aranjeun meunang cocoba leuwih tina kakuatan. Satiap aranjeun meunang cocoba, ku Mantenna dipaparin kakuatan jeung jalan kaluarna. 10:14 Ku sabab kitu dulur-dulur, omat ulah nyarembah ka brahala. 10:15 Pek ieu omongan sim kuring teh lalenyepan, da aranjeun teh jelema ngalarti. 10:16 Waktu urang nginum anggur tina lumur dina Jamuan Gusti anu ku urang disukurkeun ka Allah, eta ciri urang kaserepan ku getih Kristus. Roti anu ku urang dipecah-pecah didahar dina eta Jamuan, ciri diri urang ngahiji jeung salira Kristus. 10:17 Ku sabab roti anu didahar dina eta Jamuan teh tina roti anu sasiki, eta nyirikeun yen urang sanajan loba ge tunggal sahiji sabadan. 10:18 Tengetkeun urang Israil: Anu dalahar kurban haturkeuneun ka Allah tina altar, nya eta jelema-jelema anu ngahijikeun hirupna kana eta altar. 10:19 Naon ieu maksud sim kuring? Rek malibir nyebutkeun yen brahala atawa susuguhna aya hartina? 10:20 Lain kitu! Maksud eta ucapan kieu: Kurban anu disuguhkeun dina altar umat brahala lain dihaturkeun ka Allah, tapi disuguhkeun ka roh-roh jahat. Sim kuring nyarek aranjeun ngahiji jeung roh jahat. 10:21 Sabab lamun aranjeun nginum tina lumur pikeun roh jahat, teu meunang nginum tina lumur Gusti; lamun aranjeun ngadahar susuguh pikeun roh jahat, teu meunang ngadahar Jamuan Gusti. 10:22 Kajaba ari rek mapanas ka Gusti mah! Lamun kitu, naha manusa teh leuwih kuat ti batan Anjeunna? 10:23 "Urang mah kumaha ge meunang," kitu ceuk nu ngaromong. Eta enya. Tapi henteu kabeh anu dimeunangkeun teh hade. "Kumaha ge meunang" — henteu kabeh anu dimeunangkeun bisa nulung. 10:24 Ulah hayang senang sorangan, ragangan hate batur. 10:25 Aranjeun meunang ngadahar masakan daging naon bae anu dijual di pasar, teu kudu curiga nanyakeun. 10:26 Sabab ceuk Kitab Suci, "Bumi jeung sagala eusina kagungan Pangeran." 10:27 Upama diondang dahar ku anu henteu saagama sarta aranjeun nedunan pangondangna, naon susuguhna dahar ulah asa-asa, ulah nanyakeun naon-naon, teu kudu curiga. 10:28 Tapi lamun aya anu ngaharewosan, "Ieu masakan urut nyuguh brahala," eta masakan ulah didahar, tanda nganuhunkeun geus dibejaan jeung demi kayakinan; 10:29 lain kayakinan sorangan, tapi kayakinan jelema nu ngabejaan. "Wah," kitu meureun ceuk salah saurang, "kuring bebas, naha make kudu kahalangan ku kayakinan batur? 10:30 Ieu dahareun ku kuring geus disukurkeun ka Allah. Kuring geus muji sukur nganuhunkeun ieu rejeki ti Allah, naha make teu meunang ngadahar?" 10:31 Eta kieu: Urang boh dahar boh nginum, salawasna kudu reujeung maksud ngamulyakeun ka Allah. 10:32 Ku jalan kitu urang moal nepi ka ngalantarankeun batur labuh kana dosa, boh urang Yahudi, boh nu lain urang Yahudi, kitu deui jamaah Allah. 10:33 Kitu sim kuring mah, hayang ulah ngaraheutan hate batur, dina sagala rupa hal sok ngaraskeun ka nu sejen, tara hayang senang sorangan, lantaran hayang nyalametkeun maranehanana.   | 10:1 Moreover, brethren, I do not want you to be unaware that all our fathers were under the cloud, all passed through the sea, 10:2 all were baptized into Moses in the cloud and in the sea, 10:3 all ate the same spiritual food, 10:4 and all drank the same spiritual drink. For they drank of that spiritual Rock that followed them, and that Rock was Christ. 10:5 But with most of them God was not well pleased, for [their bodies] were scattered in the wilderness. 10:6 Now these things became our examples, to the intent that we should not lust after evil things as they also lusted. 10:7 And do not become idolaters as [were] some of them. As it is written, "The people sat down to eat and drink, and rose up to play." 10:8 Nor let us commit sexual immorality, as some of them did, and in one day twentythree thousand fell; 10:9 nor let us tempt Christ, as some of them also tempted, and were destroyed by serpents; 10:10 nor complain, as some of them also complained, and were destroyed by the destroyer. 10:11 Now all these things happened to them as examples, and they were written for our admonition, upon whom the ends of the ages have come. 10:12 Therefore let him who thinks he stands take heed lest he fall. 10:13 No temptation has overtaken you except such as is common to man; but God [is] faithful, who will not allow you to be tempted beyond what you are able, but with the temptation will also make the way of escape, that you may be able to bear [it]. 10:14 Therefore, my beloved, flee from idolatry. 10:15 I speak as to wise men; judge for yourselves what I say. 10:16 The cup of blessing which we bless, is it not the communion of the blood of Christ? The bread which we break, is it not the communion of the body of Christ? 10:17 For we, [though] many, are one bread [and] one body; for we all partake of that one bread. 10:18 Observe Israel after the flesh: Are not those who eat of the sacrifices partakers of the altar? 10:19 What am I saying then? That an idol is anything, or what is offered to idols is anything? 10:20 Rather, that the things which the Gentiles sacrifice they sacrifice to demons and not to God, and I do not want you to have fellowship with demons. 10:21 You cannot drink the cup of the Lord and the cup of demons; you cannot partake of the Lord's table and of the table of demons. 10:22 Or do we provoke the Lord to jealousy? Are we stronger than He? 10:23 All things are lawful for me, but not all things are helpful; all things are lawful for me, but not all things edify. 10:24 Let no one seek his own, but each one the other's [wellbeing.] 10:25 Eat whatever is sold in the meat market, asking no questions for conscience' sake; 10:26 for "the earth [is] the LORD'S, and all its fullness." 10:27 If any of those who do not believe invites you [to dinner], and you desire to go, eat whatever is set before you, asking no question for conscience' sake. 10:28 But if anyone says to you, "This was offered to idols," do not eat it for the sake of the one who told you, and for conscience' sake; for "the earth [is] the LORD'S, and all its fullness." 10:29 "Conscience, " I say, not your own, but that of the other. For why is my liberty judged by another [man's] conscience? 10:30 But if I partake with thanks, why am I evil spoken of for [the food] over which I give thanks? 10:31 Therefore, whether you eat or drink, or whatever you do, do all to the glory of God. 10:32 Give no offense, either to the Jews or to the Greeks or to the church of God, 10:33 just as I also please all [men] in all [things], not seeking my own profit, but the [profit] of many, that they may be saved. |
| KeyWords: |