| bible.lagu-gereja.com |
| Kejadian 1 | >> |
| Kejadian 1 | Genesis 1 |
| 1:1 Nalika Allah nyiptakeun jagat raya, 1:2 harita bumi teh teu puguh wangunna, kaayaanana kacida matak geueumanana. Sagara motah ngaliputan satangkaraking jagat. Alam poek ngajumbleng. Pangawasa Allah murba saluhureun sagara. 1:3 Lajeng Allah ngandika, "Sing caang," bray bae caang. 1:4 Seug ku Allah ditilik sarta kamanah. Eta caang ku Mantenna dipisahkeun tina poek. 1:5 Caang dingaranan "Beurang", ari poek dingaranan "Peuting". Peuting geus kaganti ku isuk: Poe nu kahiji. 1:6-7 Allah ngandika, "Sing aya kelewung, geusan misahkeun cai sina jadi dua tempat." Seug bae jadi. Allah geus ngadamel kelewung, anu misahkeun cai di sahandapeunana ti cai nu aya di saluhureun kelewung tea. 1:8 Eta kelewung ku Mantenna dingaranan "Langit". Peuting kaganti deui ku isuk: Poe nu kadua. 1:9 Allah ngandika, "Cai nu aya di sahandapeun langit sing ngumpul jadi satempat, sangkan tembong taneuh." Seug bae jadi. 1:10 Taneuh tea ku Mantenna dingaranan "Darat", ari pakumpulan cai dingaranan "Laut". Seug ku Allah ditilik sarta kamanah. 1:11 Allah ngandika, "Di darat sing aya rupa-rupa tatangkalan, boh nu ngabijilkeun sisikian, boh nu baruahan." Seug bae jadi. 1:12 Di darat jadi aya rupa-rupa tutuwuhan, boh bangsa sisikian boh nu baruahan, seug ku Allah ditilik sarta kamanah. 1:13 Peuting kaganti deui ku isuk: Poe nu katilu. 1:14 Allah ngandika, "Di langit sing aya sumber caang, geusan misahkeun beurang jeung peuting, jeung geusan nangtukeun mangsa, poe, taun jeung hari raya kaagamaan. 1:15 Eta sumber-sumber caang sina raang di langit, sangkan nyaangan ka bumi." Seug bae jadi. 1:16 Allah geus ngadamel dua rupa sumber caang anu galede, nya eta: Panonpoe, keur nyaangan ti beurang, jeung bulan, keur nyaangan ti peuting. Jaba ti eta dipidamel oge bentang-bentang. 1:17 Kabeh ku Mantenna dipernahkeun di langit, sina nyaangan bumi, 1:18 ngarajaan beurang, ngaratuan peuting, sarta misahkeun caang tina poek. Seug ku Allah ditilik sarta kamanah. 1:19 Peuting kaganti deui ku isuk: Poe nu kaopat. 1:20 Allah ngandika, "Di cai sing pinuh ku rupa-rupa sasatoan nu harirup, ari awang-awang sing pinuh ku rupa-rupa manuk." 1:21 Allah ngadamel mahluk-mahluk laut anu galede katut sagala rupa sasatoan anu harirup di laut, kitu deui sagala rupa bangsa manuk. Seug ku Allah ditilik sarta kamanah. 1:22 Ti dinya ku Mantenna diberkahan kabeh, nu harirup di laut ditimbalan sing nepi ka minuhan laut, manuk-manuk ditimbalan sing ngarekahan baranahan. 1:23 Peuting kaganti deui ku isuk: Poe nu kalima. 1:24 Allah ngandika, "Di darat sing aya rupa-rupa sasatoan, sato piaraan, sato leuweung, nu galede, nu laleutik." Seug bae jadi. 1:25 Sanggeus dipidamel, ku Allah ditilik sarta kamanah. 1:26 Allah ngandika, "Ayeuna Urang nyieun manusa, masing nyeples sarimbag jeung Urang. Urang sina murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk jeung ka bangsa sasatoan, boh sato piaraanana, boh sato leuweungna, nu galede, nu laleutik." 1:27 Lajeng Allah ngadamel bangsa manusa nyeples Mantenna. Ngadamelna lalaki jeung awewe. 1:28 Geus kitu diberkahan, timbalana-Na, "Masing loba anak, turunan maraneh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta murba ka eta. Maneh ku Kami dikawasakeun murba ka bangsa lauk, ka bangsa manuk, kitu deui ka bangsa sasatoan leuweung. 1:29 Maneh ku Kami geus disadiaan sagala rupa sisikian jeung bubuahan keur dahareun. 1:30 Ari bangsa sasatoan jeung bangsa manuk ku Kami dibere jujukutan jeung dangdaunan keur hakaneunana." Nya kitu kajadianana. 1:31 Sakur anu geus dipidamel-Na tea kabeh ku Allah ditilik sarta pohara kamanah-Na. Peuting kaganti deui ku isuk: Poe nu kagenep.   | The History of Creation 1 In the beginning God created the heavens and the earth. 2 The earth was without form, and void; and darkness [a]was on the face of the deep. And the Spirit of God was hovering over the face of the waters. 3 Then God said, “Let there be light”; and there was light. 4 And God saw the light, that it was good; and God divided the light from the darkness. 5 God called the light Day, and the darkness He called Night. [b]So the evening and the morning were the first day. 6 Then God said, “Let there be a [c]firmament in the midst of the waters, and let it divide the waters from the waters.” 7 Thus God made the firmament, and divided the waters which were under the firmament from the waters which were above the firmament; and it was so. 8 And God called the firmament Heaven. So the evening and the morning were the second day. 9 Then God said, “Let the waters under the heavens be gathered together into one place, and let the dry land appear”; and it was so. 10 And God called the dry land Earth, and the gathering together of the waters He called Seas. And God saw that it was good. 11 Then God said, “Let the earth bring forth grass, the herb that yields seed, and the fruit tree that yields fruit according to its kind, whose seed is in itself, on the earth”; and it was so. 12 And the earth brought forth grass, the herb that yields seed according to its kind, and the tree that yields fruit, whose seed is in itself according to its kind. And God saw that it was good. 13 So the evening and the morning were the third day. 14 Then God said, “Let there be lights in the firmament of the heavens to divide the day from the night; and let them be for signs and seasons, and for days and years; 15 and let them be for lights in the firmament of the heavens to give light on the earth”; and it was so. 16 Then God made two great [d]lights: the greater light to rule the day, and the lesser light to rule the night. He made the stars also. 17 God set them in the firmament of the heavens to give light on the earth, 18 and to rule over the day and over the night, and to divide the light from the darkness. And God saw that it was good. 19 So the evening and the morning were the fourth day. 20 Then God said, “Let the waters abound with an abundance of living [e]creatures, and let birds fly above the earth across the face of the [f]firmament of the heavens.” 21 So God created great sea creatures and every living thing that moves, with which the waters abounded, according to their kind, and every winged bird according to its kind. And God saw that it was good. 22 And God blessed them, saying, “Be fruitful and multiply, and fill the waters in the seas, and let birds multiply on the earth.” 23 So the evening and the morning were the fifth day. 24 Then God said, “Let the earth bring forth the living creature according to its kind: cattle and creeping thing and beast of the earth, each according to its kind”; and it was so. 25 And God made the beast of the earth according to its kind, cattle according to its kind, and everything that creeps on the earth according to its kind. And God saw that it was good. 26 Then God said, “Let Us make man in Our image, according to Our likeness; let them have dominion over the fish of the sea, over the birds of the air, and over the cattle, over [g]all the earth and over every creeping thing that creeps on the earth.” 27 So God created man in His own image; in the image of God He created him; male and female He created them. 28 Then God blessed them, and God said to them, “Be fruitful and multiply; fill the earth and subdue it; have dominion over the fish of the sea, over the birds of the air, and over every living thing that [h]moves on the earth.” 29 And God said, “See, I have given you every herb that yields seed which is on the face of all the earth, and every tree whose fruit yields seed; to you it shall be for food. 30 Also, to every beast of the earth, to every bird of the air, and to everything that creeps on the earth, in which there is [i]life, I have given every green herb for food”; and it was so. 31 Then God saw everything that He had made, and indeed it was very good. So the evening and the morning were the sixth day. |
| KeyWords: |