| bible.lagu-gereja.com |
| << | Mazmur 84 | >> |
| Mazmur 84 | Psalms 84 |
| 84:1 Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Gitit. Jabur golongan Korah. 84:2 Abdi kalintang nyaahna ka Bait Gusti, nun PANGERAN, Allah Nu Maha Kawasa! 84:3 Kalintang hayangna cicing di dinya! Kalintang hayangna aya di Bait PANGERAN. Jiwa raga nyanyi gumbira ka kersa Allah anu jumeneng. 84:4 Cacakan manuk gareja nyarieun sayang, kapinis baroga enggon cicing, maliara anakna teh caket altar-altar Gusti, PANGERAN Nu Maha Kawasa, Raja sareng Allah abdi. 84:5 Bagja temen jalma nu matuh di Bait Gusti, tiasa mumuji ka Gusti sapapaosna. 84:6 Bagja temen jalma anu kenging kakiatan ti Gusti, anu hatena kumejot hayang jarah ka Gunung Sion. 84:7 Waktos maranehna nyorang Lebak Baka anu garing, eta tempat teh ngajadi tempat cinyusu, seueur cai nu ngumplang, berkah turunna hujan munggaran. 84:8 Laleumpangna wuwuh segut, rek ngadeuheus ka Allah sakabeh ilah di Sion. 84:9 Nun GUSTI, Allah Nu Maha Kawasa, ieu abdi nunuhun, mugi dangukeun, nun Allahna Yakub! 84:10 Nun Allah, mugi raja abdi diberkahan, raja kenging Gusti milih. 84:11 Kangge abdi, mending sadinten aya di Bait Gusti, tinimbang sarebu dinten di sanes tempat; di Bait Gusti mah kabagian nangtung di lawangna ge kajeun, tinimbang kudu sakumbuh jeung nu daroraka. 84:12 PANGERAN teh benteng jeung raja urang anu mulya, anu maparin kurnia jeung kamulyaan, anu tara nolak pamenta nu layak ti sakur jelema nu bener lampahna. 84:13 Nun PANGERAN Nu Maha Kawasa, bagja pisan jalmi anu manteng muntang ka Gusti!   | 84:1 < 84:2 My soul longs, yes, even faints For the courts of the LORD; My heart and my flesh cry out for the living God. 84:3 Even the sparrow has found a home, And the swallow a nest for herself, Where she may lay her young[Even] Your altars, O LORD of hosts, My King and my God. 84:4 Blessed [are] those who dwell in Your house; They will still be praising You. Selah 84:5 Blessed [is] the man whose strength [is] in You, Whose heart [is] set on pilgrimage. 84:6 [As they] pass through the Valley of Baca, They make it a spring; The rain also covers it with pools. 84:7 They go from strength to strength; [Each one] appears before God in Zion. 84:8 O LORD God of hosts, hear my prayer; Give ear, O God of Jacob! Selah 84:9 O God, behold our shield, And look upon the face of Your anointed. 84:10 For a day in Your courts [is] better than a thousand. I would rather be a doorkeeper in the house of my God Than dwell in the tents of wickedness. 84:11 For the LORD God [is] a sun and shield; The LORD will give grace and glory; No good [thing] will He withhold From those who walk uprightly. 84:12 O LORD of hosts, Blessed [is] the man who trusts in You! |
| KeyWords: |