bible.lagu-gereja.com
  
contoh pencarian mat 5:1 | *jangan takut | *jangan kuatir
<< Mazmur 90
>>
Mazmur 90
Psalms 90
90:1 Paneda Musa, abdi Allah. Nun PANGERAN, Gusti teh salamina jadi panyalindungan abdi sadaya.
90:2 Memeh Gusti ngajadikeun gunung-gunung, memeh bumi sareng alam dunya ku Gusti dicipta, Gusti parantos jumeneng Allah nu langgeng sareng baris teras jumeneng salalanggengna.
90:3 Gusti ngedahkeun manusa mulang ka asal, ku Gusti dijadikeun deui lebu.
90:4 Kangge Gusti mah sarebu taun sami sareng sadinten, saumur dinten kamari anu parantos liwat, lir hiji sa'at anu pondok wanci wengi.
90:5 Umur jalmi ku Gusti disina nyeot lir palid ku caah, teu langkung panjang ti saimpian. Sapertos jujukutan, enjing-enjing marentik,
90:6 jaradi sareng karembangan, sorena gararing teras paraeh.
90:7 Abdi-abdi musna ku bebendu Gusti, sami sumeblak ku duduka Gusti.
90:8 Dosa abdi-abdi disina nembrak di payuneun Gusti, sanaos buni ku Gusti mah katingali.
90:9 Hirup abdi-abdi jadi pondok, diteukteuk ku bebendu Gusti, umur sirna ibarat napas sarenghap.
90:10 Lamina umur abdi-abdi mung tujuh puluh taun, atanapi dalapan puluh pikeun nu kiat, kitu ge bari ripuh seueur nu karasa, hirup sakedap, teras sirna.
90:11 Saha nu parantos ngarasa karongkahan mudalna bebendu Gusti? Saha nu sadar kumaha matak gimirna balukar tina duduka Gusti?
90:12 Elingkeun abdi sadaya yen hirup teh kacida pondokna, supados jadi jalmi wijaksana.
90:13 Sabaraha deui lamina Gusti bendu teh? Sing hawatos ka sadaya kawula Gusti.
90:14 Tembongkeun kaasih Gusti ka abdi sadaya unggal enjing, supados hirup abdi-abdi tiasa ngarasa bagja.
90:15 Paparinan kagenahan, saimbang sareng kaprihatinan anu dikeunakeun ka abdi sadaya salami nyorang kalaraan.
90:16 Ebrehkeun padamelan Gusti anu rongkah ka abdi-abdi, ebrehkeun pangawasa Gusti anu mulya ka turunan abdi sadaya.
90:17 Paparinkeun rahmat Gusti, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya! Langsarkeun sugri pagawean abdi sadaya!  
90:1 <> Lord, You have been our dwelling place in all generations.
90:2 Before the mountains were brought forth, Or ever You had formed the earth and the world, Even from everlasting to everlasting, You [are] God.
90:3 You turn man to destruction, And say, "Return, O children of men."
90:4 For a thousand years in Your sight [Are] like yesterday when it is past, And [like] a watch in the night.
90:5 You carry them away [like] a flood; [They are] like a sleep. In the morning they are like grass [which] grows up:
90:6 In the morning it flourishes and grows up; In the evening it is cut down and withers.
90:7 For we have been consumed by Your anger, And by Your wrath we are terrified.
90:8 You have set our iniquities before You, Our secret [sins] in the light of Your countenance.
90:9 For all our days have passed away in Your wrath; We finish our years like a sigh.
90:10 The days of our lives [are] seventy years; And if by reason of strength [they are] eighty years, Yet their boast [is] only labor and sorrow; For it is soon cut off, and we fly away.
90:11 Who knows the power of Your anger? For as the fear of You, [so is] Your wrath.
90:12 So teach [us] to number our days, That we may gain a heart of wisdom.
90:13 Return, O LORD! How long? And have compassion on Your servants.
90:14 Oh, satisfy us early with Your mercy, That we may rejoice and be glad all our days!
90:15 Make us glad according to the days [in which] You have afflicted us, The years [in which] we have seen evil.
90:16 Let Your work appear to Your servants, And Your glory to their children.
90:17 And let the beauty of the LORD our God be upon us, And establish the work of our hands for us; Yes, establish the work of our hands.
KeyWords: