| bible.lagu-gereja.com |
| << | Mazmur 95 | >> |
| Mazmur 95 | Psalms 95 |
| 95:1 Hayu, urang maruji ka PANGERAN! Nyanyi sing gumbira keur Allah, anu nangtayungan urang. 95:2 Hayu urang ka Mantenna, nyanggakeun panarima, urang nyanyi muji sukur. 95:3 Karana PANGERAN teh Allah Nu Maha Kawasa, raja nu pinunjul, ngungkulan sakabeh ilah. 95:4 Mantenna anu kawasa ka sabumi alam, ti gorowong nu pangjerona, nepi ka puncak gunung nu pangluhurna. 95:5 Murba ka lautan, kenging-Na ngajadikeun, sarta murba ka daratan, kenging-Na ngabangun. 95:6 Hayu dareku, ngabakti ka Mantenna, tapak tuur di payuneun PANGERAN, nu ngadamel diri urang. 95:7 Mantenna teh Allah urang, urang teh umat cangkingana-Na, ibarat domba-domba angonan Mantenna. Ayeuna rareungeukeun, kieu dawuhana-Na: 95:8 "Ulah warangkelang cara karuhun maraneh di Meriba, jaman maranehna araya di gurun keusik di Masa. 95:9 Di dinya maranehna nyoba, ngadoja ka Kami sakitu geus narenjo sakur anu dipigawe ku Kami. 95:10 Opat puluh taun Kami dirurungsing ku eta umat. Nu matak ceuk Kami, 'Euweuh pisan satiana eta jalma-jalma teh! Teu narurut kana parentah Kami.' 95:11 Ku bawaning jengkel Kami nepi ka sumpah, 'Maraneh hamo asup ka eta tanah, moal dibikeun reureuh di dinya.' "   | 95:1 Oh come, let us sing to the LORD! Let us shout joyfully to the Rock of our salvation. 95:2 Let us come before His presence with thanksgiving; Let us shout joyfully to Him with psalms. 95:3 For the LORD [is] the great God, And the great King above all gods. 95:4 In His hand [are] the deep places of the earth; The heights of the hills [are] His also. 95:5 The sea [is] His, for He made it; And His hands formed the dry [land]. 95:6 Oh come, let us worship and bow down; Let us kneel before the LORD our Maker. 95:7 For He [is] our God, And we [are] the people of His pasture, And the sheep of His hand. Today, if you will hear His voice: 95:8 "Do not harden your hearts, as in the rebellion, As [in] the day of trial in the wilderness, 95:9 When your fathers tested Me; They tried Me, though they saw My work. 95:10 For forty years I was grieved with [that] generation, And said, `It [is] a people who go astray in their hearts, And they do not know My ways.' 95:11 So I swore in My wrath, `They shall not enter My rest.'" |
| KeyWords: |