bible.lagu-gereja.com
  
contoh pencarian mat 5:1 | *jangan takut | *jangan kuatir
<< Wahyu 4
>>
Wahyu 4
Revelation 4
4:1 Sanggeus eta, harita keneh aya titingalan sejen. Di sawarga aya panto muka, jeung aya nu ngagentra kawas sora tarompet, gentra-Na saperti anu ti heula sasauran ka kaula tea, saur-Na: "Ka dieu unggah, Kami rek nembongkeun kajadian-kajadian saterusna!"
4:2 Harita keneh kaula kapurba ku Roh Allah, ningal di sawarga aya anu keur linggih dina tahta.
4:3 Pameunteu-Na mancur siga cahaya batu widuri pandan jeung permata dalima. Tahtana sakurilingna dikubengan ku katumbiri warna jambrut,
4:4 diputer ku dua puluh opat tahta anu dicaralikan ku dua puluh opat sepuh anu anggoanana bodas jeung ngaranggo makuta emas.
4:5 Tina tahta bijil kilat kekerelepan jeung sora gugur tinggulugur. Di hareupeun tahta aya anu hurung saperti obor reana tujuh, nya eta tujuh Roh Allah.
4:6 Di hareupeun tahta keneh aya nu siga lautan kaca herang ngalenggang kawas kristal. Eta tahta opat sisina dilingkung ku opat mahluk hirup, anu awakna bagian tukang jeung hareup pinuh ku mata.
4:7 Bangunna nu kahiji siga singa, nu kadua siga sapi jalu, nu katilu beungeutna siga beungeut jelema, nu kaopat siga manuk rajawali keur ngalayang.
4:8 Opatanana baroga jangjang genep-genep anu luar jerona katutup ku mata. Beurang peuting eta opat mahluk hirup teh teu eureun-eureun mumuji: "Suci-suci, suci Gusti Allah Nu Maha Kawasa, nu aya, nu geus aya, nu aya saterusna."
4:9 Kitu pupujianana, ngamulyakeun, ngahormat, jeung muji sukur ka nu linggih dina tahta, anu jumeneng salalanggengna.
4:10 Waktu eta opat mahluk hirup maruji, sepuh-sepuh anu dua puluh opat teh bruk nyaruuh ka hadirat anu linggih dina tahta, ngabakti ka anu jumeneng salalanggengna, ari makuta-makutana digolosorkeun ka hareupeun tahta, tuluy nyembahkeun piunjuk:
4:11 "Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara, nya ku karana pangersa Gusti eta sadaya kumelip hirup."  
4:1 After these things I looked, and behold, a door [standing] open in heaven. And the first voice which I heard [was] like a trumpet speaking with me, saying, "Come up here, and I will show you things which must take place after this."
4:2 Immediately I was in the Spirit; and behold, a throne set in heaven, and [One] sat on the throne.
4:3 And He who sat there was like a jasper and a sardius stone in appearance; and [there was] a rainbow around the throne, in appearance like an emerald.
4:4 Around the throne [were] twentyfour thrones, and on the thrones I saw twentyfour elders sitting, clothed in white robes; and they had crowns of gold on their heads.
4:5 And from the throne proceeded lightnings, thunderings, and voices. Seven lamps of fire [were] burning before the throne, which are the seven Spirits of God.
4:6 Before the throne [there was] a sea of glass, like crystal. And in the midst of the throne, and around the throne, [were] four living creatures full of eyes in front and in back.
4:7 The first living creature [was] like a lion, the second living creature like a calf, the third living creature had a face like a man, and the fourth living creature [was] like a flying eagle.
4:8 [The] four living creatures, each having six wings, were full of eyes around and within. And they do not rest day or night, saying: "Holy, holy, holy, Lord God Almighty, Who was and is and is to come!"
4:9 Whenever the living creatures give glory and honor and thanks to Him who sits on the throne, who lives forever and ever,
4:10 the twentyfour elders fall down before Him who sits on the throne and worship Him who lives forever and ever, and cast their crowns before the throne, saying:
4:11 "You are worthy, O Lord, To receive glory and honor and power; For You created all things, And by Your will they exist and were created."
KeyWords: