bible.lagu-gereja.com
  
contoh pencarian mat 5:1 | *jangan takut | *jangan kuatir
<< Wahyu 22

Wahyu 22
Revelation 22
22:1 Ti dinya malaikat teh nuduhkeun hiji walungan anu caina matak hirup, caina ngagenclang herang mani kawas kristal, asalna tina tahta Allah jeung tahta Anak Domba,
22:2 terus ka hilir ka tengah-tengah jalan raya kota. Di sisina kenca katuhu aya tangkal kahirupan anu buahanana sataun dua welas kali, saban bulan, daunna paranti nyageurkeun bangsa-bangsa.
22:3 Di eta kota geus moal aya deui anu diragragan supata ku Allah. Tahta Allah jeung tahta Anak Domba bakal aya di dinya, sarta Mantenna dibarakti ku abdi-abdi-Na.
22:4 Abdi-abdi-Na bakal narenjo pameunteu-Na. Jenengana-Na bakal ditulis dina tarang abdi-abdi-Na.
22:5 Di dinya geus taya peuting, teu perlu lampu atawa cahaya panonpoe, geus caang ku cahaya kamulyaan Gusti Allah. Para wargana bakal marentah kawas raja-raja, salalanggengna.
22:6 Saur malaikat ka kaula, "Ieu ucapan teh saestuna, layak dipercaya. Gusti Allah anu maparin Roh-Na ka para nabi geus ngutus malaikat-Na sina nembongkeun ka abdi-abdi-Na perkara anu bakal tereh kajadian."
22:7 "Regepkeun!" dawuhan Yesus. "Kami tereh datang. Salamet anu ngimankeun ucapan nubuat dina ieu kitab!"
22:8 Anu dicaritakeun tadi kabeh kadenge sarta katenjo ku kaula, Yohanes. Sanggeus kabeh kadenge jeung katenjo, brek kaula sideku kana sampean eta malaikat anu nembongkeunana, rek nyembah.
22:9 Tapi saurna, "Ulah kitu! Kaula ge ngabdi kawas andika, kawas nabi-nabi dulur andika jeung sakur anu ngimankeun ucapan nubuat dina ieu kitab. Nyembah mah kudu ka Allah!"
22:10 Saurna deui, "Ucapan nubuat dina ieu kitab ulah dirasiahkeun, sabab geus tereh pisan pijadieunana.
22:11 Jalma jahat sing terus nyieun kajahatan, nu hade lampah sing terus hade lampah, anu suci kalakuan sing tetep suci kalakuan."
22:12 "Regepkeun!" dawuhan Yesus. "Kami tereh datang, mawa upah unggal jelema satimpal jeung lampahna.
22:13 Kami teh Nu Awal jeung Nu Ahir, Kami teh Gusti ti mimiti nepi ka panganggeusan."
22:14 Salamet jelema anu jubahna geus beunang nyeuseuh beresih, meunang ngadahar buah tangkal kahirupan, meunang asup ka eta kota liwat lawang-lawangna.
22:15 Sabalikna anu murtad, tukang sihir, anu tuna susila, tukang maehan, nu muja brahala, jeung tukang bohong, tempatna di luar.
22:16 "Kami Yesus, geus ngutus malaikat Kami mere nyaho ka maneh ieu sagala perkara supaya ditepikeun ka jamaah-jamaah. Kami teh ti turunan Daud. Kami teh bentang timur nu moncorong."
22:17 Roh jeung Panganten Istri tea unjukan, "Sumangga sumping!" Anu ngadarenge hal ieu oge kudu unjukan kitu, "Sumangga sumping!" Nu halabhab ka darieu! Saha bae anu hayang cai anu matak hirup, jadi ganjaran.
22:18 Ka anu ngadenge ieu ucapan nubuat, kaula Yohanes ngipat-ngipatan: saha bae anu nambahan eta ucapan, hukumanana ku Allah bakal ditambahan ku balahi-balahi anu kaungel dina ieu kitab.
22:19 Jeung saha bae anu ngurangan ucapan nubuat ieu kitab, buah tangkal kahirupan bagianana ku Allah bakal dicandak jeung teu meunang aya di Kota Suci nu kaungel dina ieu kitab.
22:20 Anjeunna, anu nyaksian ieu sakabeh perkara ngadawuh, "Kitu saestuna! Kami tereh datang!" Leres! Sumangga sumping nun Gusti Yesus!
22:21 Mugia sakumna umat Allah ginuluran sih kurnia Gusti Yesus.  
22:1 And he showed me a pure river of water of life, clear as crystal, proceeding from the throne of God and of the Lamb.
22:2 In the middle of its street, and on either side of the river, [was] the tree of life, which bore twelve fruits, each [tree] yielding its fruit every month. The leaves of the tree [were] for the healing of the nations.
22:3 And there shall be no more curse, but the throne of God and of the Lamb shall be in it, and His servants shall serve Him.
22:4 They shall see His face, and His name [shall be] on their foreheads.
22:5 There shall be no night there: They need no lamp nor light of the sun, for the Lord God gives them light. And they shall reign forever and ever.
22:6 Then he said to me, "These words [are] faithful and true." And the Lord God of the holy prophets sent His angel to show His servants the things which must shortly take place.
22:7 "Behold, I am coming quickly! Blessed [is] he who keeps the words of the prophecy of this book."
22:8 Now I, John, saw and heard these things. And when I heard and saw, I fell down to worship before the feet of the angel who showed me these things.
22:9 Then he said to me, "See [that you do] not [do that]. For I am your fellow servant, and of your brethren the prophets, and of those who keep the words of this book. Worship God."
22:10 And he said to me, "Do not seal the words of the prophecy of this book, for the time is at hand.
22:11 "He who is unjust, let him be unjust still; he who is filthy, let him be filthy still; he who is righteous, let him be righteous still; he who is holy, let him be holy still."
22:12 "And behold, I am coming quickly, and My reward [is] with Me, to give to every one according to his work.
22:13 "I am the Alpha and the Omega, [the] Beginning and [the] End, the First and the Last."
22:14 Blessed [are] those who do His commandments, that they may have the right to the tree of life, and may enter through the gates into the city.
22:15 But outside [are] dogs and sorcerers and sexually immoral and murderers and idolaters, and whoever loves and practices a lie.
22:16 "I, Jesus, have sent My angel to testify to you these things in the churches. I am the Root and the Offspring of David, the Bright and Morning Star."
22:17 And the Spirit and the bride say, "Come!" And let him who hears say, "Come!" And let him who thirsts come. Whoever desires, let him take the water of life freely.
22:18 For I testify to everyone who hears the words of the prophecy of this book: If anyone adds to these things, God will add to him the plagues that are written in this book;
22:19 and if anyone takes away from the words of the book of this prophecy, God shall take away his part from the Book of Life, from the holy city, and [from] the things which are written in this book.
22:20 He who testifies to these things says, "Surely I am coming quickly." Amen. Even so, come, Lord Jesus!
22:21 The grace of our Lord Jesus Christ [be] with you all. Amen.
KeyWords: