| bible.lagu-gereja.com |
| << | 1 Raja-raja 19 | >> |
| 1 Raja-raja 19 | 1 Kings 19 |
| 19:1 Sakabeh lampah Elias jeung hal anjeunna ngabinasa nabi-nabi Baal, ku Ahab dicarioskeun ka Isebel, geureuhana. 19:2 Seug Isebel ngirim ancaman ka Elias, saurna, "Mugia kami dihukum ku para dewa, malah sing dipaehan, lamun isukan wayah kieu henteu ngabales ka maneh sakumaha kalakuan maneh ka nabi-nabi Baal!" 19:3 Elias sieuneun, tuluy kabur ka Bersyeba wewengkon Yuda, duaan jeung pangiring. Sumping ka dinya pangiringna dikantun, 19:4 ari anjeunna kebat angkatna sapoe jeput ngajugjug ka tanah gurun. Sumping-sumping brek calik ngiuhan handapeun tangkal harendong, ngarasula mundut ajal, piunjukna, "Parantos teu kiat, nun PANGERAN, mangga candak nyawa abdi, mending oge ajal." 19:5 Geus kitu tuluy nyangkere handapeun tangkal harendong, reup kulem. Sabot kitu aya malaikat noel ka anjeunna, ngalahir kieu, "Geura hudang, geura dahar!" 19:6 Elias gugah, ret ka mastakaeun bet aya roti sasiki jeung cai sakendi. Roti dituang, cai dileueut, geus kitu ebog deui. 19:7 Malaikat PANGERAN sumping deui ngagugahkeun, "Geura hudang, geura dahar, jauh keneh lalakon!" 19:8 Elias gugah, roti dituang, cai dileueut. Ku kasiat eta katuangan, anjeunna nepi ka kuat lumaku opat puluh poe opat puluh peuting, nepi ka Gunung Sinai, gunung anu suci tea. 19:9 Sup lebet ka hiji guha terus kulem. Geus kitu PANGERAN ngagentraan ka anjeunna, "Elias, keur naon di dieu?" 19:10 Waler Elias, "Nun GUSTI Allah Anu Maha Kawasa, abdi kumureb ka Gusti teh dugi ka kieu, teu aya deui anu dikawulaan mung Gusti. Dupi urang Israil parantos ingkar tina jangji ka Gusti, altar-altar Gusti diruntuh-runtuhkeun, nabi-nabi Gusti diparaehan, mung kantun abdi anu hirup keneh, kitu ge diarah-arah!" 19:11 Timbalan PANGERAN, "Geura bijil, marek ka Kami di puncak ieu gunung." Lar PANGERAN ngalangkung bari ngabijilkeun angin gede pisan, nepi ka gunung-gunung rarempu, cadas-cadas aroyag, tapi PANGERAN teu aya dina eta angin. Angin rerep, riyeg aya lini, tapi PANGERAN teu aya dina eta lini. 19:12 Lini eureun, gur aya seuneu, tapi PANGERAN teu aya dina eta seuneu. Seuneu pepes, tuluy aya soara leuleuy sada harewos. 19:13 Barang ngadangu eta soara, Elias ka luar bari meungpeunan raray ku harudum, tuluy ngadeg dina sungut guha. Ngong aya gentra, "Elias, keur naon di dieu?" 19:14 Elias ngawaler, "Nun GUSTI Allah Anu Maha Kawasa, abdi kumureb ka Gusti teh dugi ka kieu, teu aya deui anu dikawulaan mung Gusti. Dupi urang Israil parantos ingkar tina jangji ka Gusti, altar-altar Gusti diruntuh-runtuhkeun, nabi-nabi Gusti diparaehan, mung kantun abdi anu hirup keneh, kitu ge diarah-arah!" 19:15 Timbalan PANGERAN, "Balik deui ka jalan urut tadi nyorang tanah gurun anu ka Damsik. Lamun geus aya di kota, maneh kudu ngaminyakan Hasael, jadikeun raja Siria, 19:16 ngaminyakan Yehu bin Nimsi, jadikeun raja Israil, jeung ngaminyakan Elisa anak Sapat ti Abel Mehola, jadikeun nabi gaganti maneh. 19:17 Ari geus kitu, anu luput tina pedang Hasael tangtu beunang ku pedang Yehu; anu luput tina pedang Yehu, tangtu tiwas ku Elisa. 19:18 Urang Israil ku Kami ngan rek disesakeun tujuh rebu urang anu hirup, nya eta anu saratia ka Kami, anu henteu kungsi sujud ka arca Baal, atawa nyium ka eta." 19:19 Bral Elias jengkar mendakan Elisa. Elisa kasampak keur ngawuluku ku sapi sapasang. Di payuneunana aya deui sabelas pasangan, ari anjeunna ngawulukuna ku pasangan pangtukangna. Elias muka harudumna tuluy dianggokeun ka Elisa. 19:20 Cul Elisa ngantunkeun sapina, ngudag ka Elias bari miunjuk, "Ama, abdi bade ngiring, mung nyuhunkeun widi heula bade amitan ka pun bapa sareng pun biang!" Waler Elias, "Jig balik heula, Ama moal ngahalang-halang!" 19:21 Elisa nyampeurkeun pasangan sapina, duanana ku anjeunna dipeuncit, dagingna dipasak diolahkeun di dinya, diseuneuanana ku rarangken sapi, tuluy disuguhkeun ka nu araya di dinya, seug didalahar. Geus kitu Elisa ngiring ka Elias sarta jadi pangbantu anjeunna.   | 19:1 And Ahab told Jezebel all that Elijah had done, also how he had executed all the prophets with the sword. 19:2 Then Jezebel sent a messenger to Elijah, saying, "So let the gods do [to me], and more also, if I do not make your life as the life of one of them by tomorrow about this time." 19:3 And when he saw [that], he arose and ran for his life, and went to Beersheba, which [belongs] to Judah, and left his servant there. 19:4 But he himself went a day's journey into the wilderness, and came and sat down under a broom tree. And he prayed that he might die, and said, "It is enough! Now, LORD, take my life, for I [am] no better than my fathers!" 19:5 Then as he lay and slept under a broom tree, suddenly an angel touched him, and said to him, "Arise [and] eat." 19:6 Then he looked, and there by his head [was] a cake baked on coals, and a jar of water. So he ate and drank, and lay down again. 19:7 And the angel of the LORD came back the second time, and touched him, and said, "Arise [and] eat, because the journey [is] too great for you." 19:8 So he arose, and ate and drank; and he went in the strength of that food forty days and forty nights as far as Horeb, the mountain of God. 19:9 And there he went into a cave, and spent the night in that place; and behold, the word of the LORD [came] to him, and He said to him, "What are you doing here, Elijah?" 19:10 So he said, "I have been very zealous for the LORD God of hosts; for the children of Israel have forsaken Your covenant, torn down Your altars, and killed Your prophets with the sword. I alone am left; and they seek to take my life." 19:11 Then He said, "Go out, and stand on the mountain before the LORD." And behold, the LORD passed by, and a great and strong wind tore into the mountains and broke the rocks in pieces before the LORD, [but] the LORD [was] not in the wind; and after the wind an earthquake, [but] the LORD [was] not in the earthquake; 19:12 and after the earthquake a fire, [but] the LORD [was] not in the fire; and after the fire a still small voice. 19:13 So it was, when Elijah heard [it], that he wrapped his face in his mantle and went out and stood in the entrance of the cave. Suddenly a voice [came] to him, and said, "What are you doing here, Elijah?" 19:14 And he said, "I have been very zealous for the LORD God of hosts; because the children of Israel have forsaken Your covenant, torn down Your altars, and killed Your prophets with the sword. I alone am left; and they seek to take my life." 19:15 Then the LORD said to him: "Go, return on your way to the Wilderness of Damascus; and when you arrive, anoint Hazael [as] king over Syria. 19:16 "Also you shall anoint Jehu the son of Nimshi [as] king over Israel. And Elisha the son of Shaphat of Abel Meholah you shall anoint [as] prophet in your place. 19:17 "It shall be [that] whoever escapes the sword of Hazael, Jehu will kill; and whoever escapes the sword of Jehu, Elisha will kill. 19:18 "Yet I have reserved seven thousand in Israel, all whose knees have not bowed to Baal, and every mouth that has not kissed him." 19:19 So he departed from there, and found Elisha the son of Shaphat, who [was] plowing [with] twelve yoke [of oxen] before him, and he was with the twelfth. Then Elijah passed by him and threw his mantle on him. 19:20 And he left the oxen and ran after Elijah, and said, "Please let me kiss my father and my mother, and [then] I will follow you." And he said to him, "Go back again, for what have I done to you?" 19:21 So [Elisha] turned back from him, and took a yoke of oxen and slaughtered them and boiled their flesh, using the oxen's equipment, and gave it to the people, and they ate. Then he arose and followed Elijah, and became his servant. |
| KeyWords: |