| bible.lagu-gereja.com |
| << | Mazmur 91 | >> |
| Mazmur 91 | Psalms 91 |
| 91:1 Anu nyalindung ka Nu Maha Agung, anu aya dina pangraksa Nu Maha Kawasa, 91:2 bisa unjukan ka Mantenna, "Gusti teh benteng panyalindungan abdi, Allah pangharepan abdi." 91:3 Mantenna baris ngajaga anjeun tina bahya nu teu tembong, tina panyakit anu mateni. 91:4 Mantenna baris mindingan anjeun ku jangjang-Na, anjeun baris aman dina pangraksa-Na, baris dijaga jeung ditangtayungan ku kasatiaana-Na. 91:5 Ti peuting teu kudu mingsir sieun balahi, ti beurang teu kudu rempan ku bahaya ngadadak. 91:6 Teu kudu risi ku panyakit nu datangna waktu poek, teu kudu rentag ku ajal anu narajang waktu caang beurang. 91:7 Najan sarebu anu rebah di gigireun, sapuluh rebu di sakurilingeun, anjeun mah moal kieu-kieu. 91:8 Ku anjeun bakal katingal, kumaha siksaanana jelema jahat. 91:9 Sabab nya PANGERAN nu ku anjeun dijieun panyalindungan, nya Nu Maha Agung nu ku anjeun dipake panyaluuhan. 91:10 Anu matak, bahya moal aya anu datang, kaniaya moal aya nu nyampeurkeun ka eusi imah anjeun. 91:11 Allah baris nempatkeun malaikat-malaikat-Na, ngajaga anjeun sanajan aya di mana. 91:12 Ku eta anjeun teh ditaranggeuy, sangkan suku anjeun teu ngagasruk kana batu. 91:13 Singa galak jeung oray matih ge ku anjeun baris bisa ditincakan. 91:14 Allah ngandika, "Jalma nu nyaah ka Kami tangtu ku Kami disina salamet. Anu ngaku yen Kami teh PANGERAN tangtu ku Kami ditangtayungan. 91:15 Ana maranehna nyambat ka Kami tangtu dibales. Ana maranehna kasusahan, tangtu ku Kami dibaturan, tangtu ditulungan jeung dibere kahormatan. 91:16 Umurna rek dipanjangkeun, ku Kami rek disalametkeun."   | 91:1 He who dwells in the secret place of the Most High Shall abide under the shadow of the Almighty. 91:2 I will say of the LORD, "[He is] my refuge and my fortress; My God, in Him I will trust." 91:3 Surely He shall deliver you from the snare of the fowler [And] from the perilous pestilence. 91:4 He shall cover you with His feathers, And under His wings you shall take refuge; His truth [shall be your] shield and buckler. 91:5 You shall not be afraid of the terror by night, [Nor] of the arrow [that] flies by day, 91:6 [Nor] of the pestilence [that] walks in darkness, [Nor] of the destruction [that] lays waste at noonday. 91:7 A thousand may fall at your side, And ten thousand at your right hand; [But] it shall not come near you. 91:8 Only with your eyes shall you look, And see the reward of the wicked. 91:9 Because you have made the LORD, [who is] my refuge, [Even] the Most High, your dwelling place, 91:10 No evil shall befall you, Nor shall any plague come near your dwelling; 91:11 For He shall give His angels charge over you, To keep you in all your ways. 91:12 In [their] hands they shall bear you up, Lest you dash your foot against a stone. 91:13 You shall tread upon the lion and the cobra, The young lion and the serpent you shall trample underfoot. 91:14 "Because he has set his love upon Me, therefore I will deliver him; I will set him on high, because he has known My name. 91:15 He shall call upon Me, and I will answer him; I [will be] with him in trouble; I will deliver him and honor him. 91:16 With long life I will satisfy him, And show him My salvation." |
| KeyWords: |