| bible.lagu-gereja.com |
| << | Mazmur 80 | >> |
| Mazmur 80 | Psalms 80 |
| 80:1 Pikeun pamingpin biduan. Cara lagu Kembang Bakung. Panaksen Asap. Jabur. 80:2 Nun Gusti Pangangon Israil, nun panungtun pakumpulan, dangukeun. Nun anu linggih dina tahta luhureun mukarabin, 80:3 ebrehkeun salira Gusti ka kaom-kaom Epraim, Binyamin sareng Menase. Pintonkeun kakawasaan, jait abdi sadaya. 80:4 Pulihkeun abdi sadaya, nun Allah! Sing welas ka abdi-abdi, tangtos abdi-abdi salamet. 80:5 Nun GUSTI, Allah Nu Maha Kawasa, naha bade bendu keneh, ngantep panyambat umat? 80:6 Ku Gusti lir disina dahar kasusah, lir disina nginum cipanon sacangkir ageung. 80:7 Gusti ngajeunkeun tanah abdi diparebutkeun ku bangsa-bangsa sakurilingeun, abdi-abdi pada ngahina ku musuh-musuh. 80:8 Pulihkeun abdi sadaya, nun Allah Nu Maha Kawasa! Sing welas ka abdi-abdi, tangtos abdi-abdi salamet. 80:9 Gusti parantos nyandak hiji tangkal anggur ti Mesir, ngusiran bangsa-bangsa, lajeng eta petetan teh dipelak di tanah maranehna. 80:10 Disina ngagedean, tempatna diberesihan, dugi ka akarna nyaliara ka sakuliah nagara. 80:11 Gunung-gunung katutup ku daunna tangkal-tangkal kiputri raksasa kahieuman ku dahan-dahanna. 80:12 Dahan-dahanna ngararambat dugi ka Laut Tengah, pucuk-pucukna dugi ka Walungan Eprat. 80:13 Ku naon pagerna ku Gusti direbahkeun? Buahna seep dipalingan ku nu laliwat, 80:14 diidek-idek ku bagong leuweung, sareng diranjah ku sato-sato alas. 80:15 Tingali ieu abdi-abdi, nun Allah Nu Maha Kawasa! Tingali ti sawarga! Jait ieu umat Gusti teh! 80:16 Salametkeun ieu tangkal anggur pelak Gusti teh, kenging Gusti mulasara dugi ka gedena. 80:17 Ayeuna ku musuh diduruk, dituar; tumpurkeun musuh teh ku bendu Gusti. 80:18 Umat kenging Gusti milih, bangsa kenging Gusti nohagakeun, mugi diraksa. 80:19 Moal deui-deui abdi-abdi nyingkir ti Gusti, mugi ku Gusti dipaparin hirup, sumeja muji ka Gusti. 80:20 Pulihkeun abdi sadaya, nun GUSTI, Allah Nu Maha Kawasa! Sing welas ka abdi-abdi, tangtos abdi-abdi salamet.   | 80:1 < 80:2 Before Ephraim, Benjamin, and Manasseh, Stir up Your strength, And come [and] save us! 80:3 Restore us, O God; Cause Your face to shine, And we shall be saved! 80:4 O LORD God of hosts, How long will You be angry Against the prayer of Your people? 80:5 You have fed them with the bread of tears, And given them tears to drink in great measure. 80:6 You have made us a strife to our neighbors, And our enemies laugh among themselves. 80:7 Restore us, O God of hosts; Cause Your face to shine, And we shall be saved! 80:8 You have brought a vine out of Egypt; You have cast out the nations, and planted it. 80:9 You prepared [room] for it, And caused it to take deep root, And it filled the land. 80:10 The hills were covered with its shadow, And the mighty cedars with its boughs. 80:11 She sent out her boughs to the Sea, And her branches to the River. 80:12 Why have You broken down her hedges, So that all who pass by the way pluck her [fruit]? 80:13 The boar out of the woods uproots it, And the wild beast of the field devours it. 80:14 Return, we beseech You, O God of hosts; Look down from heaven and see, And visit this vine 80:15 And the vineyard which Your right hand has planted, And the branch [that] You made strong for Yourself. 80:16 [It is] burned with fire, [it is] cut down; They perish at the rebuke of Your countenance. 80:17 Let Your hand be upon the man of Your right hand, Upon the son of man [whom] You made strong for Yourself. 80:18 Then we will not turn back from You; Revive us, and we will call upon Your name. 80:19 Restore us, O LORD God of hosts; Cause Your face to shine, And we shall be saved! |
| KeyWords: |