| bible.lagu-gereja.com |
| << | Mazmur 81 | >> |
| Mazmur 81 | Psalms 81 |
| 81:1 Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu Gitit. Ti Asap. 81:2 Geura sarurak ngahormat Allah nu ngabela urang. Geura nyaranyi ka kersa Allahna Yakub! 81:3 Sanggakeun lalaguan, tabeuh terebang, tabeuh kacapi jeung gambus sing genah. 81:4 Dina bulan anyar jeung bulan purnama, tiup tarompet urang pesta. 81:5 Hal eta geus jadi hukum di Israil, aturan ti Allahna Yakub. 81:6 Ku Mantenna diparentahkeun ka umat Israil, mangsa Mantenna narajang tanah Mesir. Kaula ngadenge hiji soara kieu, 81:7 "Kami geus ngangkat muatan tina tonggong maraneh, maraneh moal manggulan deui bata. 81:8 Upama meunang kasukeran, sambat Kami, tangtu dijait, ku Kami tangtu dijawab ti jero guntur panyumputan Kami. Maraneh ku Kami didoja di cinyusu di Meriba. 81:9 Regepkeun, he umat Kami, Kami rek mepelingan, he Israil, cik masing narurut ka Kami! 81:10 Maraneh ulah nyembah ka ilah sejen. 81:11 Nya Kami, PANGERAN, Allah maraneh, anu ngabudalkeun maraneh ti Mesir. Geura caralangap, ku Kami rek dihuapan. 81:12 Tapi umat Kami teu daek ngadenge, Israil teu nurut ka Kami. 81:13 Anu matak ku Kami dihajakeun sina neugtreug, dijujur kuma karepna. 81:14 Kacida Kami ngaharepna maranehna daraek ngagugu ka Kami, kacida Kami hayangna maranehna narurut! 81:15 Tangtu musuhna ku Kami gancang-gancang ditalukkeun, sarta lawan-lawanna dielehkeun. 81:16 Anu arijideun ka Kami tangtu mendek hareupeun Kami, galimireun. Baris dihukum saendeng-endeng. 81:17 Ari maraneh mah tangtu ku Kami dibere dahar gandum nu panghadena, sarta diseubeuhan ku madu leuweung."   | 81:1 < 81:2 Raise a song and strike the timbrel, The pleasant harp with the lute. 81:3 Blow the trumpet at the time of the New Moon, At the full moon, on our solemn feast day. 81:4 For this [is] a statute for Israel, A law of the God of Jacob. 81:5 This He established in Joseph [as] a testimony, When He went throughout the land of Egypt, [Where] I heard a language I did not understand. 81:6 "I removed his shoulder from the burden; His hands were freed from the baskets. 81:7 You called in trouble, and I delivered you; I answered you in the secret place of thunder; I tested you at the waters of Meribah. Selah 81:8 "Hear, O My people, and I will admonish you! O Israel, if you will listen to Me! 81:9 There shall be no foreign god among you; Nor shall you worship any foreign god. 81:10 I [am] the LORD your God, Who brought you out of the land of Egypt; Open your mouth wide, and I will fill it. 81:11 "But My people would not heed My voice, And Israel would [have] none of Me. 81:12 So I gave them over to their own stubborn heart, To walk in their own counsels. 81:13 "Oh, that My people would listen to Me, That Israel would walk in My ways! 81:14 I would soon subdue their enemies, And turn My hand against their adversaries. 81:15 The haters of the LORD would pretend submission to Him, But their fate would endure forever. 81:16 He would have fed them also with the finest of wheat; And with honey from the rock I would have satisfied you." |
| KeyWords: |